Ujian ti alloh ka manusa

 السّلام عليكم


alloh bakal nguji ka manusa ku 5 rupa:

 

1. loba kasieun (al- khouf)
bedana al-khouf jeung hati-hati
# lamun urang boga sifat al-khouf, maka urang moal ngalakukeun pagawean saetutik-eutik acan
# tapi lamun urang boga sifat hati-hati, maka urang ngalakukeun sadaya pagawean dibarengan ku perhitungan
 

2. lapar (al-ju')
nalika lapar (beuteung, kekuasaan, jabatan) datang, urang kudu bisa nyelesaikeun ku jalan anu alus/ halal
 

3. kurangna harta kakayaan (naqsin minal amwaal)
nalika urang kakurangan harta, urang kudu bisa menghadapi hal eta ku jalan anu alus, ulah nepika maling, ghosob, komo nepika korupsi mah
teangan jalan nu halal saperti neangan pakasaban rek di desa atawa di kota


4. ngurangan nana jiwa (naqsin min al anfus)kudu bisa menghadapi masalah lamun urang ditinggalkeun ku nu dipika asih, saperti ibu rama, dulur, anu nanggung jawab, salaki, pamajikan jst.
urang kudu narimakeun kaayaan eta ku tawakal ka alloh swt
insya alloh alloh bakal masihan hal anu berlipat ganda kahadeana pikeun urang bari tina jalan anu teu di duga-duga


5. ngurangan nana bubuahan (naqsin min ats tsamaroot)
saperti nu 2 di luhur, urang oge kudu bisa menghadapi kurangna ieu ku jalan anu alus, sahingga bakal nimbulkeun ka alusan anu berlipat ganda pikeun urang sorangan, atawa pikeun kerabat urang

nu 5 ieu bersifat umum, hartina sakabeh jalma pasti ngasaan,

saha jalma anu sobar tina nu 5 ieu, ku alloh bakal di bere kabungah rek kabungah di dunia atawa nepi ka akherat

والسّلام
Title : Ujian ti alloh ka manusa
Description :  السّلام عليكم alloh bakal nguji ka manusa ku 5 rupa:

0 Response to "Ujian ti alloh ka manusa"

Posting Komentar